1. MUQODIMAH KITAB SAFINAH
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ
وَبِهِ نَسْتَعِيْنُ عَلٰى أُمُوْرِ الدُّنْيَا وَالدِّيْنِ ،
وَصَلَّى اللهُ وَسَلِّمْ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ خَاتِمِ النَّبِيِّيْنَ
وَاَلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ
وَلَاحَوْلَ وَلَا قُوَّةَ إِلَّا بِاللهِ الْعَلِيِّ اْلعَظِيْمِ ،
Kalawan nyebat jeuneungan Alloh anu maha welas tur anu maha asih
Ari sadaya pujian eta tetep milik Alloh anu mangeranan pirang-pirang alam
Sareung mung ka Alloh nyuhunkeun pitulung abdi sadaya kana pirang-pirang perkara dunya sareung agama ( tegesna ngamangfaatkeun perkara dunya pikeun beukeul akherat ), sareung muga maparin rohmat Alloh swt ka jungjunan abdi sadayana tegesna kangjeung Nabi Muhammad Saw. Anu janteun panutup sadaya nabi sareung ka kulawargina, para shohabatna tegeusna sadayana. Hanteu aya daya upaya ( tina midameul ma`siyat ) sareung hanteu aya kakiatan ( tina midameul thoa`ah ) anging kalawan pitulung Alloh anu maha luhur tur maha agung
Bismillaahi : ngawitan abdi ngaos kana ieu kitab ( safinatunnaja hartosna parahu kasalameutan ) bari ngalap barokah kalawan nyeubat jeneungan Gusti Alloh.
( ari sifatna Alloh eta ) Arrohmaani : anu maha welas Alloh tegesna anu maparinan ni`mat Ageung Alloh di dunya sareung di akherat
( ari sifatna Alloh eta ) Arrohiimi : tur anu Maha Asih Alloh tegesna anu maparinan ni`mat Alit alloh di akhirat ka mukmin wungkul.
Alhamdu : ari sadaya pujian / ari jinis puji
Lillaahi : eta teuteup milik Alloh / eta teuteup kagungan Alloh
Robbil ‘Aalamiina : anu Mangeranan pirang-pirang alam / anu ngurus sadaya alam.
Wabihii : sareung mung ka gusti Alloh wungkul.
Nasta’iinu : nyuhunkeun pitulung abdi sadaya.
‘Alaa Umuuriddunyaa : kana mang pirang-pirang urusan dunya
Waddiini : sareung urusan agama / pikeun akherat
Washolla : sareung mugi maparinan Rohmat
( saha ) Allohu : Gusti Alloh.
Wassalama: sareung mugi maparinan Hurmat Alloh
‘Alaa Sayyidinaa: ka Jungjunan abdi sadaya.
Muhammadin: teugesna Kanjeung Nabi Muhammad.
Khootimin Nabiyyiina : anu janteun Panutup para Nabi
Wa Aalihii : sareung ka kulawargina Kanjeung Nabi
Washohbihii : sareung ka para shohabatna Kanjeung Nabi
Ajma’iina : teugesna sadayana
Walaa Haula : sareung hanteu aya daya upaya kanggo nyingkahan maksiat.
Walaa Quwwata : sareung hanteu aya kakiatan kanggo ngalakonan tho’at.
Illaa Billaahi : anging kalawan Pitulung Alloh.
( ari sifatna Alloh eta ) al’aliyyi : anu maha Luhur Alloh
( ari sifatna Alloh eta ) al ‘Azhiimi : tur anu maha Agung Alloh.
2.RUKUN ISLAM
(فصل) أركان الإسلام خمسة : شهادة أن لاإله إلاالله وأن محمد رسول الله وإقام الصلاة ، وإيتاء الزكاة , و صوم رمضان ، وحج البيت من استطاع إليه سبيلا .
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang rukun islam eta aya lima perkara :
1.nyaksian saestuna hanteu aya pangeran anu wajib di ibadahan anging Allaoh swt.
2.migawe sholat
3.mikeun zakat
4.puasa di sasih romadhon
5. munggah hajji ka baetulloh lamun kawasa di jalanna
FASHLUN : ARI IEU ETA HIJI FASAL ETA FASAL SAHIJI
Arkaanul Islaami : ari pirang-pirang Rukun Islam
( eta ) Khomsatun : aya 5
Al-Awwalu : ari ka 1 na
( eta ) Syahaadatu : nyakseni
Al Laa Ilaaha : hanteu aya Pangeran anu wajib di ibadahan.
Ilalloohu : anging Gusti Alloh.
Wa Anna Muhammadan : sareung nyakseni kana saestuna Kanjeung Nabi Muhammad
( eta ) Rosuululloohi : utusan Alloh.
Wats-Tsani : sareung ari ka 2 na
( eta ) Iqoomush-Sholaati : ngadeugkeun Sholat.
Wats-Tsalitsu : sareung ari ka 3 na
( eta ) Iitaauz-Zakaati : nyumponan Zakat.
War-Roobi`u : sareung ari ka 4 na
( eta ) Shoumu Romadhoona : Puasa di bulan romadhon.
Wal khoomisu : sareung ari ka 5 na
( eta ) Hijjul Baiti: munggah haji ka Baetulloh ( ka`bah ).
Man : ka jalma anu
Istathoo’a : kawasa.
Ilaihi : kana munggah haji
Sabiilan : di jalanna. .
3.FASAL RUKUN IMAN
فصل
أَرْكَانُ اْلإِيْمَانِ سِتَّةٌُ:
Arkaanul imaani Sittatun :
أَنْ تُؤْمِنَ بِاللهِ، وَمَلاَئِكَتِهِ، وَكُتُبِهِ، وَرُسُلِهِ
An Tu’mina Billaahi , Wa Malaaikatihii , Wa Kutubihii , Wa Rusulihii ,
وَبِالْيَوْمِ اْلآخِرِ، وَبِالْقَدَرِ خَيْرِهِ وَشَرِّهِ مِنَ اللهِ تَعَالَى.
Walyaumil Aakhiri , Wabilqodari Khoyrihi Wasyarrihi Minallaahi Ta’aalaa .
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang rukun iman eta aya 6 perkara :
Percaya kalayan yaqin anjeun ka Alloh
Percaya anjeun ka pirang-pirang malaikat-Na
Percaya anjeun kana pirang-pirang kitab-Na
Percaya anjeun ka pirang-pirang Utusan-Na
Percaya anjeun kana poe akhir ( qiamah )
Percaya anjeun kana papasten tegesna saena sareung awonna ti Alloh Swt.
4.Pangaosan Bab Hartina lafazh Laailahaa Illalloh
فَصْلٌ
وَمَعْنٰى لَاإِلٰهَ إِلَّااللهُWama’naa Laa Ilaaha Illallaahu
لَامَعْبُودَ بِحَقٍّ فِي الْوُجُودِ إِلَّا اللهُ .
Laa Ma’buda Bihaqqin Fil Wujuudi Illallaahu .
Ari ieu hiji pasal
Ari ma`nana teu aya pangeran anging Alloh nyaeta hanteu aya deui anu wajib di ibadahan kalayan saleresna di alam wujud ieu ( alam dunya ) anging Alloh Swt
5. Pangaosan Safinah Ngabahas Pirang-pirang Cirina Baleg
عَلاَمَاتُ اْلبُلُوْغِ ثَلاَث
‘Alaamaatul Buluughi Tsalaatsun
تَمَامُ خَمْسَ عَشَرَة سَنَةًَ فِي الذَّكَرِوَاْلأِنْثَى
Tamaamu Khomsa ‘Asyaro Sanatan Fidzdzakari Wal Untsaa ,
وَاْلاِحْتِلاَمُ فيِ الذَّكَرِوَاْلأُنْثٰى لِتِسْعِ سِنِيْنَ
Wal Ihtilaamu Fidzdzakari Wal Untsaa Litis’i Siniina ,
وَ اْلحَيْضُ فِي اْلأُنْثٰى لِتِسْعِ سِنِيْنَ
Wal Haidhu Fil Untsaa Litis’i Siniina .
Ari pirang-pirang cirina baleg ( dewasa ) eta aya 3 rupa :
Anu Ka 1. Geus sampurna umur 15 taun pikeun lalaki jeung pikeun awewe
Anu Ka 2. Ngimpi jima` ( sok sanajan teu kaluar mani ) pikeun lalaki
jeung pikeun awewe karana umur ( minimal ) 9 taun
Anu Ka 3.Kaluar geutih hed pikeun awewe karana geus umur 9 taun ( kalawan itungan taun Hijriyyah ).
6. Pangaosan Safinah ngabahas bab Susuci Ku Batu
فصل
شُرُوْطُ إِجْزَاءِ الْحَجَرْ ثَمَانِيَّةٌُ
Syuruuthul Istinjaai Bilhajari Tsamaaniyatun :
أَنْ يَكُوْنَ بِثَلاَثَةِ أَحْجَارٍِ
An Yakuuna Bitsalaatsati Ahjaarin
وَأَنْ يُنْقِيَ اْلمُحَلَّ
Wa An Yunqiya Al-Mahalla
وَأَنْ لاَ يَجِفَ النّجِسُ
Wa An Laa Yajiffa An-Najisu
وَلاَ يَنْتَقِلَ وَلاَ يَطْرَأَ عَلَيْهِ آخَرُ
Walaa Yantaqila , Walaa Yathroa ‘Alaihi Aakhoru
وَلاَ يُجَاوِزَ صَفَحتَهُ وَحَشَفَتَهُ
Walaa Yujaawiza Shofhatahu Wahasyafatahu ,
وَلاَ يُصِيْبَهُ مَاءٌُ ،
Walaa Yushiibahu Maaun
وَأَنْ تَكُوْنَ اْلأَحْجَارُ طَاهِرَةًَ
Wa An Laa Takuuna Al-Ahjaaru Thoohirotan .
Ari pirang-pirang syarat cukupna susuci ku batu eta aya 8 :
1.yen bukti susucina teh make 3 batu ( tungtungna )
2.yen bersih tempatna ( tina najis )
3.yen teu acan garing najisna
4.ulah pundah-pindah eta najis ( tina tempat kaluarna )
5.ulah datang kana eta najis teh najis anu sejen ( najisna hanteu katimpa ku najis anu sejenna )
6.ulah ngaliwat eta najis teh kana bobokongna ( pikeun anu buang air besar ) jeung kana hasafahna ( hulu dzakar ) ( pikeun anu buang air kecil )
7.ulah keuna kana eta najis teh cai ( najisna ulah kakeunaan cai ).
8.yen bukti eta batu teh suci ( kaayaan batuna kudu suci )
7. Pangaosan ngabahas fardhuna wudhu eta aya 6 perkara
(فَصْلٌ )
فُرُوْضُ اْلوُضُوْءِ سِتَّةٌ:
Furuudh Al-Wudhuui Sittatun :
اَلْأَوَّلُ:النِّيَّةُ
Al-Awwalu Anniyyatu
اَلثَّانِي : غَسْلُ الْوَجْهِ
Ats-Tsaani Ghoslu Al-Wajhi
اَلثَّالِثُ: غَسْلُ اْليَدَيْنِ مَعَ الْمِرْفَقَيْنِ
Ats-Tsaalitsu Ghoslu Al-Yadaini Ma’a Al-Mirfaqoini
اَلرَّابِعُ : مَسْحُ شَيْءٍ مِنَ الرَّأسِ
Ar-Roobi’u Mashu Syaiin Min Ar-Ro’si
اَلْخَامِسُ : غَسْلُ الرِجْلَيْنِ مَعَ الْكَعْبَيْنِ
Al-Khoomisu Ghoslu Ar-Rijlaini Ilaa Al-Ka’baini
اَلسَّادِسُ :اَلتَّرْتِيْبُ .
As-Saadisu At-Tartiibu
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang fardhuna wudhu eta aya 6 perkara :
1.niat wudhu
2.ngawasuh raray
3.ngawasuh panangan dua nepika siku duanana
4.ngusap kana hiji perkara tina mastaka ( kalawan cai )
5.ngawasuh sampean dua nepika mumuncangan duanana
6.tartib
8. Pangaosan Safinah ngabahas Harti Niat
اَلنِّيَّةُ قَصْدُ الشَّيْءٍ مُقْتَرِنًا بِفِعْلِهِ وَمَحَلُهَا اْلقَلْبُ وَالتَّلَفُّظُ بِهَا سُنَّةٌ وَوَقْتُهَا عِنْدَ غَسْلِ أَوَّلِ جُزْءٍ مِنَ اْلوَجْهِ وَالتَّرْتِيْبُ أَنْ لَا يُقَدِّمَ عضْوً عَلٰى عُضْوٍ .
Anniyyatu Qoshdu Asy-Syaii Muqtarinan Bifi’lihi . Wa Mahalluhaa Al-Qolbu . Wattalaffuzhu Bihaa Sunnatun . Wa Waqtuhaa ‘Inda Ghosli Awwali Juz’in Minal wajhi . Wattartiibu An Laa Tuqoddima ‘Udhwan ‘Alaa ‘Udhwin
Ari ngaran niat eta neja kana hiji perkara bari dibarengan kalawan migawena ( tegesna ngahaja migawe hiji perkara dibareungan kalawan pagawean ) , ari tempatna niat eta dijero hate , ari ngucapkeunnana kana eta lafazh niat eta hukumna sunnah , ari waktuna niat dina wudhu nyaeta dina nalika ngawasuh bagean mimiti anu diwasuh tina raray , ari ngaran tartib nyaeta yen ulah ngaheulakeun hiji jalma kana hiji anggahota mandeurikeun kana anggahota anu sejen ( kudu ngaheulakeun anu tiheula jeung kudu mandeurikeun anu pandeuri tegesna kudu berurutan ).
9. Pangaosan Ngabahas Bab Cai anu anu sakedik jeng anu loba
اَلْمَاءُ قَلِيْلٌ وَكَثِيْرٌ اْلقَلِيْلُ مَادُونَ اْلقُلَّتَيْنِ وَاْلكَثِيْرُ قُلَّتَانِ فَأَكْثَرَ
اْلقَلِيْلُ يَتَنَجَّسُ بِوُقُوعِ النَّجَاسَةِ فِيْهِ وَإِنْ لَمْ يَتَغَيَّرْ
وَالْمَاءُ اْلكَثِيْرُ لَا يَتَنَجَّسُ إِلَّا إِذَا تَغَيَّرَ طَعْمُهُ أَوْ لَوْنُهُ أَوْ رِيحُهُ.
Walmaau Qoliilun Wa Katsiirun . Al-Qoliilu Maa Duunal Qullataini . Walkatsiiru Qullataani Fa Aktsaru
Al-Qoliilu Yatanajjasu Biwuquu’innajaasati Fiihi Wain Lam Yataghoyyar .
Walkatsiiru Laa Yatanajjasu Illaa Idzaa Taghoyyaro Tho’muhu , Aw Lawnuhu , Aw Riihuhu
Ari ieu hiji pasal
Ari cai eta aya cai anu sakeudik sareung aya cai anu seueur, ari cai anu ( dianggap ) sakeudik ( ku hukum Islam ) nyaeta cai anu kirang ti 2 qullah sareung ari cai anu seueur eta aya 2 qullah atanapi langkung seueur ti 2 qullah
ari cai anu sakeudik eta hukumna jadi mutanajis ( jadi najis ) kusabab katibaan najis dina eta cai sanajan hanteu barobah,.
.
sareung ari cai anu seueur eta hanteu jadi mutanajis ( hanteu jadi najis ) kajaba dimana-mana barobah rasana eta cai atanapi rupana eta cai atanapi ambeuna eta cai
10. Pangaosan Ngabahas Anu Ngawajibkeun Kana Mandi
مُوجِبَاتُ الْغُسْلِ سِتَّةٌ
إِيْلاَجُ الْحَشَفَةِ فِي اْلفَرْجِ
وَخُرُوْجُ الْمَنِىِّ وَالْحَيْضُ
وَالنِّفَاسُ وَاْلوِلَادَةُ وَالْمَوْتُ
Muujibaatul Ghusli Sittatun
Iilaajul Hasyafati Fil Farji
Wakhuruujul Maniyyi , Wal Haidhu , Wannifaasu
Wal Wilaadatu
Wal Mautu .
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang anu ngawajibkeun kana adus eta aya 6 perkara :
1.ngusapkeun hasafah dina farji
2.bijil cai mani
3.kaluar hed
4.nifas
5.ngajuru ( wiladah )
6.maot
11. Pangaosan Ngabahas Fardhu
Mandi atanapi adus
فُرُوضُ اْلغُسْلِ اِثْنَانِ اَلنِّيَّةُ
وَتَعْمِيْمُ اْلبَدَنِ بِالْمَاءِ .
Furuudhul Ghusli Itsnaani : Anniyyatu , Wata’miimul Badani Bil Maa’i .
Ari ieu hiji pasal
Ari fardhuna adus eta aya 2 rupa :
1.niat
2.ngawalatraan badan ku cai
12. Pangaosan Ngabahas Syarat-syarat Wudhu
شُرُوْطُ اْلوُضُوءِ عَشَرَةٌ
Syuruuthul Wudhuui ‘Asyarotun
اْلإسْلَامُ وَالتَّمْيِيْزُ
Al-Islamu , Wattamyiizu
وَالنَّقَاءُ عَنِ الْحَيْضِ وَالنِّفَاسِ
Wannaqoou ‘Anil Haidhi Wannifaasi
وَعَمَّا يَمْنَعُ وُصُوْلَ اْلماَءِ إِلَى اْلبَشَرَةِ
Wa’an Maa Yamna’u Wushuulal Maai Ilal Basyaroti
وَأَنْ لَا يَكُونَ عَلَى اْلعَضْوِ مَا يُغَيِّرُ اْلماَءَ
Wa An Laa Yakuuna ‘Alal ‘Udhwi Maa Yughoyyirul Maa-a
وَالعِلمُ بِفَرْضِيَّتِهِ
Wal’ilmu Bifardhiyyatihi
وَاَنْ لاَ يَعْتَقِدَ فَرْضًا مِنْ فُرُوْضِهِ سُنَّةً
Wa An Laa Ya’taqida Fardhon Min Furuudhihi Sunnatan
وَالْمَاءُ الطَّهُورُ وَدُخُولُ اْلوَقْتِ
Wal Maau Ath-Thohuuru Wadukhuulul Waqti
وَاْلموْالَاةُ لدائم الحَدَثِ.
Wal Muwaalatu Lidaaimil Hadatsi .
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang syaratna wudhu eta aya 10 perkara :
1.islam
2.Tamyiz
3.Beresih tina haid jeung tina nifas
4.Beresih tina perkara anu ngahalangan kana neupina cai kana kulit
5.Ulah aya kana anggahota wudhu teh perkara anu ngarobahkeun kana cai
6.Uninga kana fardhuna wudhu
7.Ulah nekadkeun kana hiji fardhu tina kafardhuannana wudhu kana sunnah
8.Caina anu nyucikeun
9.Asup waktu
10.Tuluy-tuluy pikeun jalma anu langgeung hadats.
13 Pangaosan ngabahas Anu membatalkeun Wudhu
Anu membatalkeun Wudhu
(فصل ) نوا قض الوضوء أربعة أشياء : (الأول) الخارج من أحد السبيلين من قبل أو دبر ريح أو غيره إلا المنى ، (الثاني ) زوال العقل بنوم أو غيره إلا نوم قاعد ، ممكن مقعده من الأرض ، (الثالث) التقاء بشرتي رجل وامرأة كبيرين من غير حائل ، (الرابع ) مس قبل الآدمي أو حلقة دبره ببطن الراحة أو بطون الأصابع .
Nawaaqidul Wudhuui Arba’atu Asyyaa-a : Al-Awwalu
Al-Khooriju Min Ihdassabilaini Minal Qubuli Wadduuri Riihun Aw Ghoyruhu Illal
Maniyya , Ats-Tsaani Zawaalul ‘Aqli Binaumin Aw Ghoyrihi Illaa Nauma Qoo’idin
Mumakkanin Maq’adahu Minal Ardhi , Ats-Tsaalitsu Iltiqoou Basyarotai Rojulin
Wamroatin Kabiiroini Ajnabiyyaini Min Ghoyri Haailin , Ar-Roobi’u Massu Qubulil
Aadamiyyi Aw Halqoti Duburihi Bibathnil Kaffi Aw Buthuunil Ashoobi’i .
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang anu ngabatalkeun kana wudhu eta aya 4 pirang-pirang perkara :
1.anu kaluar tina salahsahijina jalan (liang) dua nyatana tina qubul atawa dubur tegesna angin atanapi lianna anging cai mani
2.ilang akal kusabab sare atanapi liyan sare kajaba sarena jalma anu diuk anu netepkeun kana bobokongna tina taneuh ( pangdiukkan )
3.paanteul kulit lalaki jeung kulit awewe anu pada geude duanana tur pada nu sejen duanana bari hanteu aya hahalang
4. nyabak qubul ( dzakar atanapi farji ) anak turunan adam atanapi bubuleud duburna anak turunan adam ku jerona dampal lengeun atanapi ku jerona pirang-pirang ramo
14 Pangaosan Ngabahas Bab Anu diharamkeun sabab hadats Leutik, Hadats Junub sareung hed
فَصْلٌ
مَنِ انْتَقَضَ وُضُوْؤُهُ حَرُمَ عَلَيْهِ أَرْبَعَةُ أَشْيَاءَ
الصَّلَاةُ وَالطَّوَافُ وَمَسُّ الْمُصْحَفِ وَحَمْلُهُ.
وَيَحْرُمُ عَلَى الْجُنُبِ سِتَّةُ أَشْيَاءَ
الصَّلَاةُ وَالطَّوَافُ وَمَسُّ الْمُصْحَفِ وَحَمْلُهُ واللُّبْثُ فِي الْمَسْجِدِ وَقِرَاءَةُ اْلقُرْآنِ.
وَيَحْرُمُ بِالْحَيْضِ عَشْرَةُ أَشْيَاءَ
الصَّلَاةُ وَالطَّوَافُ وَمَسُّ الْمُصْحَفِ وَحَمْلُهُ واللُّبْثُ فِي الْمَسْجِدِ وَقِرَاءَةُ اْلقُرْآنِ وَالصَّوْمُ وَالطَّلَاقُ وَالْمُرُورُ فِي الْمَسْجِدِ إِنْ خَافَتْ تَلْوِيْثَهُ وَالْاِسْتِمْنَاعُ بِمَا بَيْنَ السُّرَّةِ وَالرُّكْبَةِ.
Man Intaqodho wudhuu-uhu Haruma ‘Alaihi ‘Arba’atu Asyyaaa
: Ash-Sholaatu , Wath-Thowaafu , Wamassul Mush-hafi , Wahamluhu .
Wayahrumu ‘Alal Junubi Sittatu Asyyaa-a : Ash-Sholaatu , Wath-Thowaafu , Wamassul Mush-hafi , Wahamluhu , Wallubtsu Fil Masjidi , Waqirooatul Qur-aani Biqoshdil Qur-aani .
Wayahrumu Bilhaidhi ‘Asyarotu Asyyaa-a : Ash-Sholaatu , Wath-Thowaafu , Wamassul Mush-hafi , Wahamluhu , Wallubtsu Fil Masjidi , Waqirooatul Qur-aani Biqoshdil Qur-aani , Wash-Shoumu , Wath-Tholaaqu , Walmuruuru Fil Masjidi In Khoofat Talwiitsahu , Wal Istimnaa’u Bimaa Bainassurroti Warrukbati
Ari ieu hiji pasal
Saha-saha jalma anu batal wudhuna maka eta haram ka eta jalma 4 perkara :
1.haram sholat
2.haram thowaf
3. nyabak qur`an
4.mawa qur`an
Ari ieu hiji pasal
Haram ka jalma anu junub 6 perkara :
1.haram sholat
2.haram thowaf
3. nyabak qur`an
4.mawa qur`an
5.maca qur`an
6. cicing dijero masjid
Ari ieu hiji pasal
Haram kusabab kaluar hed 10 perkara :
1.haram sholat
2.haram thowaf
3. nyabak qur`an
4.mawa qur`an
5.maca qur`an
6. cicing dijero masjid
7.puasa
8.haram di talak
9.haram ngaliwat dijero masjid lamun sieun anjeunna kana urat-aret geutihna ka masjid
10.dialap suka kalayan perkara antara bujal jeung tuur
15 Pangaosan Ngabahas Bab sabab anu ngameunangkeun kana tayamum
فَصْلٌُ
أَسْبَابُ التَّيَمُّمِ ثَلاَثَةٌُ:
فَقْدُ اْلماَءِ وَاْلمَرَضُ وَاْلاِحْتِيَاجُ إِلَيْهِ لِعَطَشِ حَيَوَانٍِ مُحْتَرَمٍِ غَيْرُ اْلمُحْتَرَمِ سِتَّةٌُ تَارِكُ الصَّلاَةِ وَالزَّانِي الْمُحْصَنٌُ وَالْمُرْتَدٌُ وَاْلكَافِرُ اْلحَرْبِيُّ وَاْلكَلْبُ اْلعَقُوْرُ وَاْلخِنْزِيْرُ
Asbaabuttayammumi Tsalaatsatun : Faqdul Maa-i , Walmarodhu , Wal Ihtiyaaju Ilaihi Li’athosyi Hayawaanin Muhtaromin .
Waghoyrul Muhtaromi Sittatun : Taarikush-Sholaati , Wazzaanil Muhshonu , Walmurtaddu , Walkaafirul Harbiyyu , Walkalbul ‘Aquuru , Walkhinziiru .
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang sabab anu ngameunangkeun kana tayamum eta aya 3 :
Anu Ka 1.teu aya cai
Anu Ka 2.geuring
Anu Ka 3.butuh kana eta cai karana dahagana sato anu di mulyakeun
Ari anu hanteu dimulyakeun eta aya 6 :
Anu Ka 1.anu ninggalkeun sholat
Anu Ka 2.anu zina muhshon
Anu Ka 3.murtad
Anu Ka 4.kafir bangsa musuh
Anu Ka 5.anjing anu galak
Anu Ka 6.bagong
16. Pangaosan ngabahas Bab Syarat Tayamum
فَصْلٌ
شُرُوْطُ التَّيَمُّمِ عَشَرَةٌ
أَنْ يَكُوْنَ بِتُرَابٍ
وَاَنْ يَكُوْنَ التُّرَابُ طَاهِرًا
وَأَنْ لَا يَكُوْنَ مُسْتَعْمَلًا
وَلَا يُخَالِطَهُ دَقِيْقٌ وَنَحْوُهُ
وَأَنْ يَقْصِدَهُ
وَأَنْ يَمْسَحَ وَجْهَهُ وَيَدَيْهِ بِضَرْبَتَيْنِ
وَأَنْ يُزِيْلَ النَّجَاسَةَ أَوَّلًا
وَأَنْ يَجْتَهِدَ فِي اْلقِبْلَةِ قَبْلَهُ
وَأَنْ يَكُوْنَ التَّيَمُّم ُبَعْدَ دُخُوْلِ الْوَقْتِ وَأَنْ يَتَيَمَّمَ لِكُلِّ فَرْضٍ .
Syuruuthu At-Tayammumi ‘Asyarotun
An Yakuuna Bituroobin
Wa An Yakuunatturoobu Thoohiron
Wa An Laa Yakuuna Musta’malan
Wa An Laa Yukhoolithuhu Daqiiqun Wanahwuhu
Wa An Yaqshidahu , Wa An Yamsaha Wajhahu Wayadaihi Bidorbataini , Wa An Yuziilannajaasata Awwalan , Wa An Yajtahida Fil Qiblati Qoblahu , Wa An Yakuunattayammumu Ba’da Dukhuulil Waqti , Wa An Yatayammama Likulli Fardhin .
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang syarat tayamum eta aya 10 perkara :
1.yen bukti tayamum teh ku taneuh
2.yen bukti taneuhna anu suci
3.yen ulah bukti taneuhna taneuhna teh musta`mal ( urut make )
4.yen ulah nyampuran kana eta taneuh teh tipung atanapi bangsana tipung
5.yen neja kana tayamum
6.ngusap anjeunna kana rarayna sareung kana panangan duanana kalawan dua cokotan
7.yen ngilangkeun anjeunna kana najis dina samemehna tayamum
8.yen ati-ati anjeunna dina qiblat dina samemeh tayamum
9.yen bukti tayamumna teh eta saparantos manjing waktu
10.yen tayamum anjeunna pikeun saban-saban sholat 5 waktu
17 Pangaosan Ngabahas Bab Rukun Tayamun
فَصْلٌ
فُرُوْضُ التَّيَمُّمِ خَمْسَةٌ
اَلْأَوَّلُ نَقْلُ التُّرَابِ
الثَّانِي النِّيَّةُ
الثَّالِثُ مَسْحُ اْلوَجْهِ
الرَّابِعُ مَسْحُ الْيَدَيْنِ إِلىَ الْمُرْفِقَيْنِ
الْخَامِسُ التَّرْتِيْبُ بَيْنَ الْمَسْحَتَيْنِ
Furuudhuttayammumi Khomsatun : Al-Awwalu Naqlutturoobi , Ats-Tsaani Anniyyatu , Ats-Tsaalitsu Mashul Wajhi , Ar-Roobi’u Mashul Yadaini Ilal Mirfaqoini Al-Khoomisu At-Tartiibu Bainal Mashataini .
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang fardhuna tayamum eta aya 5 perkara :
1.mindahkeun taneuh
2.niat
3.ngusap raray
4.ngusap panangan dua dugi kana sikuna duanana
5.tartib diantara dua usapan
18. Anu Ngabatalkeun Kana Tayamum
مُبْطِلَاتُ التَّيَمُّمِ ثَلاَثَةٌ : مَا أَبْطَلَ الْوُضُوءَ وَالرِّدَةُ وَتَوَهُّمُ الْمَاءِ إِنْ تَيَمَّمَ لِفَقْدِه وَالشَّك .
Mubthilaatuttayammumi Tsalatsatun : Maa Abtholal Wudhuu-a , Warriddatu , Watawahhumul Maa-i In Yatayammama Lifaqdihi Wasysyak.
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang anu ngabatalkeun kana tayamum eta aya 3
1.perkara anu ngabatalkeun kana wudhu
2.murtad
3.nyipta aya cai lamun tayamum anjeunna karana hanteu aya cai
19. Pangaosan Ngabahas Najis Anu Janteun Suci
(فصل ) الذي يظهر من النجاسة ثلاثة : الخمر إذا تخللت بنفسها . وجلد الميتة إذا دبغ وما صارا حيوانا .
Alladzii Yathhuru Minannajaasaati Tsalaatsatun : Al-Khomru Idzaa Takhollalat Binafsiha , Wajildul Maytati Idzaa Dubigho , Wa Maa Shooro Hayawaanan .
Ari ieu hiji pasal
Ari perkara anu suci tina pirang-pirang najis eta aya 3
1.arak dimana jadi cuka kalawan dirina eta arak
2.kulit bangke dimana disamak
3.perkara anu jadi sato
20 Ngaos Bab Rupi-rupi Najis
فَصْلٌُ
اَلنَّجَاسَاتُ ثَلاَثٌُ
Annajaasaatu Tsalaatsun :
مُغَلَظَةٌُ وَمُخَفَّفَةٌُ وَمُتَوَسِّطَةٌُ
Mughollazhotun Wa Mukhoffafatun Wa Mutawassithotun .
اَلْمُغَلَّظَةَُ : نَجَاسَةُ الْكَلْبِ وَالْخِنْزِيْرِ وَفَرْعِ أَحَدِهِمَا
Al Mughollazhotu Najaasatul Kalbi Wal Khinzhiiri Wafar’i Ahadihima .
وَالْمُخَفَّفَةُ : بَوْلُ الصَّبِيِّ الَّذِي لَمْ يَطْعَمْ غَيْرَ اللَّبَنِ وَلَمْ يَبْلُغِ الْحَوْلَيْنِ
Wal Mukhoffafatu Baulushshobiyyi Alladzii Lam Yath’am Ghoyrollabani Walam Yablughil Haulaini .
وَالْمُتَوَسِّطَةُ : سَائِرِ النَّجَاسَاتِ
Wal Mutawassithotu Saairunnajaasaati
Ari pirang-pirang najis eta aya 3 bagean :
Anu kahiji nyaeta najis mughollazhoh
Anu kadua nyaeta najis mukhoffafah
Anu katilu nyaeta najis mutawassitoh
Ari najis mughollazhoh eta najis anjing jeung bagong jeung peranakan salahsahijina anjing jeung bagong
Ari najis mukhoffafah nyaeta cai kiih budak lalaki anu can ngadahar kana salian ti cai susu jeung can nepi umurna kana 2 taun
Ari najis mutawassitoh nyaeta sakakarina pirang-pirang najis
Pangaosan ka 21 Cara ngawasuh Najis
فَصْلٌ
الْمُغَلَّظَةُ تَطْهُرُ بِسَبْعِ غَسَلَاتٍ بَعْدَ إِزَالَةِ عَيْنِهَا إِحْدَاهُنَّ بِتُرَابٍ . وَالْمُخَفَّفَةُ : تُطْهُرُ بِرَشٍّ الْمَاءِ عَلَيْهَا مَعَ الْغَلَبَة وَإِزَالَةِ عَيْنِهَا .
وَالْمُتَوَسِّطَةُ تَنْقَسِمُ عَلٰى قِسَمَيْنِ عَيْنِيَّةِ وَحُكْمِيَّةِ اْلعَيْنِيَّةُ : الَّتِي لَهَا لَوْنَ وَرَيْحٌ وَطَعْمٌ فَلَا بَدُّ مِنْ إِزَالَةِ لَوْنِهَا وَرِيْحِهَا وَطَعْمِهَا
وَالْحُكْمِيَّةُ الَّتِي لَا لَوْنَ وَلَا رِيْحَ وَلَاطَعْمَ يَكْفِيْكَ جَرْيُ الْمَاءِ عَلَيْهَا
Al-Mughollazhotu Tathhuru Bighoslihaa Sab’an Ba’da Izaalati ‘Ainihaa Ihdaahunna Bituroobin . Wal Mukhoffafatu Tathhuru Birosysyil Maa-i ‘Alaihaa Ma’al Gholabati Waizaalati ‘Ainihaa .
Wal Mutawassithotu Tanqosimu Ilaa Qismaini : ‘ Ainiyyatun Wa Hukmiyyatun . Al’Ainiyyatu Allatii Lahaa Launun Wa Riihun Wa Tho’mun Falaa Budda Min Izaalati Launihaa Wa Riihahaa Wa Tho’mihaa
Wal Hukmiyyatu Allatii Laa Launa Walaa Riiha Walaa Tho’ma
Kafaa Jaryul Maa-i ‘Alaihaa .
Ari ieu hiji pasal
Ari najis mughollazhoh eta suci ku 7 kumbahan saparantos ngilangkeun aenna eta najis ari salahsahijina kalawan make taneuh
Ari najis mukhoffafah eta suci ku ngefretkeun cai kana eta najis sarta ngalindih jeung saparantos ngilangkeun aenna eta najis
Ari najis mutawassitoh eta kabagi kana 2 bagean :
1.najis ainiyyah
2.najis hukmiyyah
Ari najis ainiyyah ( bangsa dzat ) nyaeta najis anu kana eta najis aya warna jeung ambeu jeung rasa maka teu meunang hanteu tina ngaleungitkeun warnana najis ainiyyah jeung ambeuna jeung rasana
.
Ari najis hukmiyyah ( bangsa hukum ) nyaeta najis anu hanteu aya rupaan jeung hanteu aya ambeuan jeung hanteu aya rasaan nyukupkeun ka anjeun nyurulukeun cai kana eta najis hukmiyyah
Pangaosan ka 22 Ngabahas Bab Haid sareung Nifas
فَصْلٌ
أَقُلُّ الْحَيْضُ يَوْمٌ وَلَيْلَةٌ وَغَالِبُهُ سِتٌّ أَوْسَبْعٌ وَأَكْثَرُهُ خَمْسَةَ عَشَرَ يَوْمًا بِلَيَالِيْهَا.
أَقَلُّ الطُّهْرِ بَيْنَ الْحَيْضَتَيْنِ خَمْسَةَ عَشَرَ يَوْمًا وَغَالِبُهُ أَرْبَعَةٌ وَعِشْرُونَ يَوْمًا أَوْ ثَلَاثَةُ وَعِشْرُوْنَ يَوْمًا وَلَاحَدَّ لَأكْثَرِهِ
أَقَلُّ النِّفَاسِ مَجَّةٌ وَغَالِبُهُ أَرْبَعُونَ يَوْمًا وَأَكْثَرُهُ سِتُّوْنَ يَوْمًا.
Aqollul Haidhi Yaumun Wa Lailatun Wa Ghoolibuhu Sittun Aw
Sab’un Wa Aktsaruhu Khomsata ‘Asyaro Yauman Bilayaaliihaa .
Wa Aqolluth-Thuhri Bainal Haidhotaini Khomsata ‘Asyaro
Yauman Walaa Hadda Liaktsarihi .
Aqollun-Nifaasi Majjatun Wa Ghoolibuhu Arba’uuna Yauman
Wa Aktsaruhu Sittuuna Yauman .
Ari ieu hiji pasal
Ari pangsakeudikna zaman hed eta sapoe sapeuting jeung ari ghalib-ghalibna hed eta 6 atanapi 7 dinteun jeung ari pangseueur-seueurna hed eta 15 dinteun sarta pirang-pirang wengina.
.
Ari pangsakeudik-sakeudikna suci diantara 2x hed eta 15 dinteun jeung ari ghalib-ghalibna suci eta 24 dinteun jeung hanteu aya wateus kana seueur-seueurna suci
Ari pangsakeudik-sakeudikna zaman nifas eta sakecret jeung ari ghalib-ghalibna nifas eta 40 dinteun jeung ari seueur-seueurna nifas eta 60 dinteun
Pangaosan ka 23
tentang Udzur Shalat
فَصْلٌ
أَعْذَارُ الصَّلَاةِ اِثْنَانِ
اَلنَّوْمُ وَالنِّسْيَانُ .
A’dzaarush-Sholaati Itsnaani : An-Naumu Wannisyaanu
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang udzur sholat eta aya 2 :
1.kuleum / sare
2.hilap / poho
24. Pangaosan tentang Syarat-syarat sholat & wateus Orat
فَصْلٌ
شُرُوْطُ الصَّلَاةِ ثَمَانِيَّةٌ : طَهَارَةُ الْحَدَثَيْنِ وَالطَّهَارَةُ عَنِ النَّجَاسَةِ فِي الثَّوْبِ وَالْبَدَنِ وَالْمَكَانِ وَسَتْرُ اْلعَوْرَةِ وَاسْتِقْبَالُ الْقِبْلَةِ وَدُخُولُ اْلوَقْتِ وَاْلعِلْمُ بِفَرْضِيَّتِهَا وَأَنْ لَايَعْتَقِدَ فَرْضًا مِنْ فُرُوضِهَا سُنَّةً وَاجْتِنَابُ الْمُبْطِلَاتِ
اْلأَحْدَاثُ اثْنَانِ أَصْغَرُ وَأَكْبَرُ فَالْأَصْغَرُ مَاأَوْجَبَ اْلوُضُوءَ . وَالْأَكْبَرُ مَاأَوْجَبَ اْلغُسْلَ
اْلعَوْرَاتُ أَرْبَعٌ
عَوْرَةُ الرَّجُلِ مُطْلَقًا وَالْأَمَةِ فِي الصَّلَاةِ مَا بَيْنَ السُّرَّةِ وَالرَّكْبَةِ .
وَاَوْرَةُ الْحُرَّةِ فِي الصَّلَاةِ جَمِيْعُ بَدَنِهَا مَاسِوَي الوَجْهِ وَالكَفَّينِ
وَاَوْرَةُ الْحُرَّةِ وَالاَمَةِ عِندَ الْاَجَانِبِ جَمِيْعُ الْبَدَنِ وَاِنْدَ مَحَارِ مِهِمَا وَالنِّسَا ءِ مَا بَيْنَ السُّرَّةِ وَرُّ كْبَةِ
Syuruuthush-Sholaati Tsamaaniyyatun : Ath-Thohaarotu ‘Anil Hadatsaini Al-Ashghori Wal Akbari , Wath-Thohaarotu ‘Aninnajaasati Fits-tsaubi Walbadani Wal Makaani , Wasatrul ‘Auroti , Wastiqbaalul Qiblati ,Wadukhuulul Waqti , Wal’ilmu Bifardhiyyatihaa , Wa An Laa Ya’taqida Fardhon Min Furuudhihaa Sunnatan , wajtinaabul Mubathilaati .
Al-Ahdatsu Itsnani : Ashghoru Wa Akbaru , Al-Ashghoru Maa
Awjabal Wudhuua Wal Akbaru Maa Awjabal Ghosla .
Al-’Aurootu Arba’un : ‘Auroturrojuli Muthlaqon Wal Amati Fishsholaati Maa Bainassurroti Warrukbati , Wa ‘Aurotul Hurroti Fishsholaati Jamii’u Badanihaa Maa Siwal wajhi Wal Kaffaini Wa ‘Aurotul Hurroti Wal Amati ‘Indal Ajaanibi Jamii’ul Badani Wa ‘Inda Mahaarimihaa Wannisaai Maa Bainassurroti Warrukbati .
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang syaratna sholat eta aya 8 :
1.suci tina hadats
2.suci tina najis, dina baju, dina badan jeung dina tempat
3.nutupan orat
4.madeup ka qiblat
5.asup waktu
6.uninga kana bangsa fardhu sholat
7.ulah nekadkeun anjeunna kana hiji kafardhuan tina pirang-pirang fardhuna sholat kana sunnah
8.neubihan pirang-pirang perkara anu matak ngabatalkeun kana sholat
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang hadats eta aya 2 :
1.hadats alit
2.hadats ageung
Mangka ari hadats alit eta hadats anu ngawajibkeun kana wudhu sareung aeri hadats ageung eta hadats anu ngawajibkeun kana adus
Wateus Orat
Ari pirang-pirang orat eta aya 4 :
1.orat lalaki halna mutlak
2.oratna amat dina sholat nyaeta perkara anu aya antara bujal jeung tuur
3.orat awewe merdeka dina sholat nyaeta sadaya badanna saliyan ti raray sareung dampal panangan dua
4.oratna awewe merdeka jeung amat mungguh lalaki anu sanes mahrom eta sadaya badan sareung mungguh nisbah ka mahrom-mahromna awewe merdeka jeung amat jeung pirang-pirang awewe eta perkara antara udeul jeung tuur
Pangaosan Ka 25
Pangaosan Ngabahas Rukun Solat
فَصْلٌُ
أَرْكَانُ الصَّلاَةِ سَبْعَةَ عَشَرَ
Arkaanushsholaati Sab’ata ‘Asyaro :
اْلأَوَّلُ النِّيَّة ،
Al-Awwalu Anniyyatu ,
الثَّانِي تَكْبِيْرَةُ اْلإِحْرَامِ ،
Ats-Tsaani Takbiirotul Ihroomi ,
الثَّالِثُ اْلقِيَامُ عَلىَ اْلقَادِرِ فيِ الْفَرْضِ ،
Ats-Tsaalitsu Al-Qiyaamu ‘Alal Qoodiri ,
الرَّابِعُ قِرَاءَةُ اْلفَاتِحَةِ ،
Ar-Roobi’u Qirooatul Faatihati ,
اْلخَامِسُ الرُّكُوْعُ ،
Al-Khoomisu Ar-Rukuu’u ,
السَّادِسُ الطُّمَأْنِيْنَةُ فِيْهِ ،
As-Saadisu Aththuma’niinatu Fiihi ,
السَّابِعُ اْلإِعْتِدَالُ ،
As-Saabi’u Al-’Itidaalu ,
الثَّامِنُ الطُّمَأْنِيْنَةُ فِيْهِ ،
Ats-Tsaaminu Aththuma’niinatu Fiihi ,
التَّاسِعُ السُّجُوْدُ مَرَّتَيْنِ اْلعَاشِرُ الطُّمَأْنِيْنَةُ فِيْهِ الْحَادِي عَشَرَ الْجُلُوْسُ بَيْنَ السَّجْدَتَيْنِ ،
At-Taasi’u Assujuudu Marrotaini ,Al-’Aasyiru Aththuma’niinatu Fiihi ,
Al-Haadi ‘Asyaro Aljuluusu Bainassajadataini ,
الثَّانِي عَشَرَ الطُّمَأْنِيْنَةِ فِيْةِ
Ats-Tsaani ‘Asyaro Aththuma’niinatu Fiihi
،الثَّالِثَ عَشَرَ التَّشَهُدُ اْلأَخِيْرُ
Ats-Tsaalitsu
‘Asyaro Attasyahhudul Akhiiru
اَلرَّابِعُ عَشَرَ اْلعُقُوْدُ فِيْهِ الْخَامِسَ عَشَرَ : الصَّلاَةُ عَلَى النَّبِيَّ صَلَّى للّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فِيْهِ
Ar-Roobi’u ‘Asyaro Alqu’uudu Fiihi ,
Al-Khoomisu ‘Asyaro Ashsholaatu ‘Alannabiyyi Shollallaahu ‘Alaihi
Wasallama Fiihi
اَلسَّادِسَ عَشَرَ
As-Saadisu ‘Asyaro Assalaamu
اَلسَّابِعَ عَشَرَ التَّرْتِيْبُ
As-Saabi’u ‘Asyaro Attartiibu
Ari pirang-pirang rukun sholat eta aya 17 :
Anu Ka 1. Nyaeta niat
Anu Ka 2. Nyaeta takbirotul ihrom
Anu Ka 3. Nyaeta ngadeg pikeun jalmi anu kawasa dina sholat fardhu
Anu Ka 4. Nyaeta maos fatihah
Anu Ka 5. Nyaeta ruku
Anu Ka 6. Nyaeta thumaninah dina ruku
Anu Ka 7. Nyaeta i`tidal
Anu Ka 8. Nyaeta thumaninah dina i`tidal
Anu Ka 9. Nyaeta sujud 2x
Anu Ka 10. Nyaeta thumaninah dina sujud
Anu Ka 11. Nyaeta calik antara sujud dua
Anu Ka 12. Nyaeta thumaninah dina calik antara sujud dua
Anu Ka 13. Nyaeta tahiyat akhir
Anu Ka 14. Nyaeta calik dina tahiyat akhir
Anu Ka 15. Nyaeta maos sholawat ka kangjeung nabi Muhammad Saw. Dina calik dina tahiyat akhir
Anu Ka 16. Nyaeta aweh salam anu kahiji
Anu Ka 17. Nyaeta tartib
26. Pangaosan Ngabahas Tingkatan Niat
فَصْلٌُ
اَلنِّيَّةُ ثَلاَثُ دَرَجَاتٍِ
Anniyyatu Tsalaatsu Darojaatin
إِنْ كَانَتِ الصَّلاَةُ فَرْضًا وَجَبَ قَصْدُ اْلفِعْلِ
In Kaanatishsolaatu Fardhon Wajaba Qoshdul Fi’li
وَالتَّعْيِيْنُ وَاْلفَرْضِيَّةُ
Watta’yiinu Wal Fardhiyyatu
وَإِنْ كَانَتْ نَافِلَةً مُؤَقَّتَةً كَرَاتِبَةٍِ اَوْ ذَاتَ سَبَبٍِ وَجَبَ قَصْدُ اْلفِعْلِ وَالتَّعْيِيْنُ
Watta’yiinu Wal Fardhiyyatu
، وَاِنْ كَانَتْ نَافِلَةً مُطْلَقَةً وَجَبَ قَصْدُ اْلفِعْلِ فَقَطْ
Wain Kaanat Naafilatan Muthlaqon Wajaba
Qoshdul Fi’li Faqoth
اْلفِعْلُ :أُصَلِّي وَالتَّعْيِيْنُ: ظٌهْرًا أَو عَصْرًا وَاْلفَرْضِيَّةُ فَرْضًا
Al-Fi’lu Usholli , Watta’yiinu Zhuhron Aw ‘Ashron , Wal Fardhiyyatu Fardhon
Ari niat eta aya 3 tingkat :
upami aya sholat eta fardhu, mangka
1.wajib neja pagawean
2. nangtukeun waktuna
3. ngeunaan kafardhuanna
Jeung lamun aya sholat sholat sunnah anu diwaktu-waktu sacara sholat rowatib ( qobliyyah & ba`diyyah , samemeh atanapi saparantos fardhu ) atawa sholat anu ngagaduhan sabab ( istisqo, Id, samagaha jeung sajabana ) mangka wajib neja pagawean jeung nangtukeun sababna ( sapertos “ simkuring niat sholat Istisqo / Id “hanteu diwajibkeun nangtukeun sunnahna , mung upami nangtukeunna hukumna sunnah ) jeung lamun aya sholat sholat sunnah anu muthlaq ( anu hanteu boga katangtuan ) mangka wajib neja pagawean wungkul ( sapertos :” simkuring niat sholat 2 roka`at “ ). Anu kaleubeut sholat sunnah muthlaq sapertos : sholat sunnah Tahiyatul masjid, Sunnah wudhu, Istikhoroh, Ihrom Hajji, Thowwaf , datang tina angkat-angkatan ( safar ) sareung sajabina.
ri niat ngahaja migawe eta saperti lafazh Usholli ( ngahaja niat migawe sholat abdi ) ari nangtukeun waktuna eta saperti lafazh zhuhron atawa ashron ( kana sholat zhuhur atawa ashar ) ari ngeunaan kafardhuanna eta saperti lafazh fardhon ( fardhu anu... )
Pangaosan ka 27
Fasal Ngabahas Syarat Takbirotul Ihrom
شُرُوْطُ تَكْبِيْرَةِ الْإِحْرَامِ سِتَّةَ عَشَرَ
Syuruuthu Takbiirotil Ihroomi Sittata ‘Asyaro
أَنْ تَقَعَ حَالَةَ اْلقِيَامِ فِي اْلفَرْضِ
An Taqo’a Haalatal Qiyaami Fil Fardhi
وَأَنْ تَكُوْنَ بِالْعَرَبِيَّةِ
Wa An Takuuna Bil ‘Arobiyyati
وَأَنْ تَكُوْنَ بِلَفَظِ الجَلَالَةِ وَبِلَفْظِ أَكْبَرُ
Wa An Takuuna Bilafzhil Jalaalati Wabilafzhi Akbaru
وَالتَّرْتِيْبُ بَيْنَ اللفْظَيْنِ وَأَنْ لَايَمُدَّ هَمْزَةَ الْجَلَالَةِ
Wattartiibu Bainallafzhoini , Wa An Laa Yamudda Hamzatal Jalaalati
وَعَدَمُ مَدِّ بَاءِ أَكْبَرُ
Wa ‘Adamu Maddi Baa-i Akbaru
وَأَنْ لَا يُشَدِّدَ اْلبَاءَ
Wa An Laa Yusyaddidal Baa-a
وَأَنْ لَايَزِيْدَ وَاواً سَاكِنَةً أَوْ مُتَحَرِّكَةً بَيْنَ الْكَلِمَتَيْنِ
Wa An Laa Yaziida Waawan Saakinatan Aw Mutaharrikatan Bainal Kalimataini
وَأَنْ لَايَزِيْدَ وَاوًا قَبْلَ الْجَلَالَةِ
Wa An Laa Yaziida Waawan Qoblal Jalaalati
وَأَنْ لَايَقِفَ بَيْنَ كَلِمَتَيِ التَّكْبِيْرِ
Waqfatan Thowiilatan Walaa Qoshiirotan
وَقْفَةً طَوِيْلَةً وَلَا قَصِيْرَةً
Wa An Laa Yaqifa Baina Kalimataittakbiiri
وَأَنْ يُسْمِعَ نَفْسَهُ جَمِيْعَ حُرُوْفِهَا
Wa An Yusmi’a Nafsahu Jamii’a Huruufiha
وَدُخُوْلُ اْلوَقْتِ فِي الْمُؤَقَّتِ وَإِيْقَاعُهَا حَالَ الْإِسْتِقْبَالِ
Wadukhuulul Waqti Fil Muwaqqoti Wa Iiqoo’uhaa Haalal Istiqbaali
وَأَنْ لَا يُخِلَّ بِحَرْفٍ مِنْ حُرُوْفِهَا
Wa An Laa Yukhilla Biharfin Min Huruufihaa
وَتَأخِيْرُ تَكْبِيْرَةِ الْمَأمُوْمِ عَنْ تَكْبِيْرَةِ الْإِمَامِ.
Wata’khiiru Takbiirotil Ma’muumi ‘An Takbiirotil Imaami
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang syaratna takbirotul ihrom eta aya 16 :
Anu kahiji tumiba takbir dina nuju ngadeug dina sholat fardhu
Anu kadua yen aya takbirotul ihrom ku bahasa arab
Anu Katilu yen aya takbirotul ihrom ku lafazh jalalah ( Alloh )
Anu Kaopat jeung lafazh kaagungan ( akbar )
Anu kalima tartib diantara dua lafazh
Anu kagenep yen ulah manjangkeun hiji jalma kana hamzahna lafazh Alloh
Anu katujuh hanteu meunang manjangkeun ba na lafazh akbar
Anu kadalapan ulah nasydiddan anjeunna kana ba na
Anu kasalapan ulah nambihan anjeunna kana wau anu paeh atawa anu harkatan dina antara dua kalimah
Anu kasapuluh ulah nambihan anjeunna kana wau dina samemeh lafazh Alloh
Anu kasabelas teu kengeng liren anjeunna diantara dua kalimah takbirotul ihrom kalawan liren anu panjang jeung anu pondok
Anu kadua belas yen ngarungukeun anjeunna kana awak anjeunna kana sadaya huruf-hurufna takbirotul ihrom
Anu katilu belas manjing waktu dina sholat anu diwaktu-waktu
Anu ka opat belas nibakeunnana takbirotul ihrom dina eukeur madeup ka qiblat
Anu ka lima belas ulah ngareuksak anjeunna kana hiji haraf tina haraf-haraf takbirotul ihrom
Anu ka genep belas ngahirkeun takbirotul ihrom ma`mum tina takbirotul ihrom imam
28. Pangaosan ka 28
Fasal Ngabahas Syarat maca surat Al-Fatihah
فَصْلٌ
شُرُوْطُ اْلفُاتِحَةِ عَشَرَةٌ
اَلتَّرْتِيْبُ وَالْمُوَالَاةُ وَمُرَاعَاةُ حُرُوفِهَا وَمُرَاعَاةُ تَشْدِيْدَاتِهَا وَأَنْ لَا يَسْكُتَ سَكْتَةً طَوِيْلَةً وَلَا قَصِيْرَةً يَقْصِدُ بِهَا قَطْعُ اْلقِرَاءَةِ وَقِرَاءَةُ كُلِّ آيَاتِهَا وَمِنْهَا الْبَسْمَلَةُ وَعَدَمُ اللَّحْنِ الْمُخِلِّ بِالْمَعْنٰى وَأَنْ تَكُوْنَ حَالَةَ اْلقِيَامِ فِي الْفَرْضِ وَاَنْ يُسْمِعَ نَفْسَةُ الْقِرَاءَةَ وَأَنْ لَا يَتَخَلَّلهَا ذِكْرُ أَجْنَبِيٌّ .
Syuruuthul Faatihati ‘Asyarotun : Attartiibu , Wal-Muwaalatu , Wamuroo’atu Huruufihaa ,Wamuroo’atu Tasydiidaatihaa , Wa An Laa Yaskuta Saktatan Thowiilatan Walaa Qoshiirotan Yaqshidu Bihaa Qoth’al Qirooati , Wa’adamullahnil Mukhilla Bilma’naa , Wa An Takuuna Haalatal Qiyaami Fil Fardhi , Wa An Yusmi’a Nafsahul Qirooata , Wa An Laa Yatakhollalahaa Dzikrun Ajnabiyyun .
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang syaratna fatihah eta aya 10 :
Anu ka hiji tartib
Anu ka dua tuluy-tuluy
Anu ka tilu ngaraksa pirang-pirang harafna fatihah
Anu ka opat ngaraksa pirang-pirang tasydidna fatihah
Anu ka lima ulah cicing kalawan cicing anu lila
Anu ka genep ulah sakeudeung anu neja anjeunna ku eta qoshiroh ( anu sakeudeung ) kana megatkeun maca
Anu ka tujuh maca sadaya ayat-ayatna fatihah jeung sapalihna tina fatihah ari basmallah
Anu ka dalapan hanteu salah maca anu ngaruksak kana ma`na
Anu ka salapan yen aya maca fatihah dina eukeur nangtung dina sholat fardhu
Anu ka sapuluh kudu ngarungukeun kana awak anjeunna kana maca
Anu ka sabelas ulah nyeulangan kana fatihah dzikir anu sejen
29. Pangaosan ka 29
Fasal tasdid fatihah
(فصل) تَشْدِيدَاتُ الْفَاتِحَةِ أَرْبَعَ عَشَرَةَ :
بِسْمِ اللهِ فَوْقَ اللَّامِ، الرَّحْمَنِ فَوْقَ الرَّاءِ، الرَّحِيمِ فَوْقَ الرَّاءِ، الْحَمْدُ لِلَّهِ فَوْقَ لَامِ الْجَلَالَةِ، رَبِّ الْعَالَمِينَ فَوْقَ الْبَاءِ، الرَّحْمَنِ فَوْقَ الرَّاءِ، الرَّحِيمِ فَوْقَ الرَّاءِ، مَالِكِ يَوْمِ الدِّينِ فَوْقَ الدَّالِ، إِيَّاكَ نَعْبُدُ فَوْقَ الْيَاءِ، وَإِيَّاكَ نَسْتَعِينُ فَوْقَ الْيَاءِ، إِهْدِنَا الصِّرَاطَ الْمُسْتَقِيمَ فَوْقَ الصَّادِ، صِرَاطَ الَّذِينَ فَوْقَ اللَّامِ، أَنْعَمْتَ عَلَيْهِمْ غَيْرِ الْمَغْضُوبِ عَلَيْهِمْ وَلَا الضَّالِّينَ فَوْقَ الضَّادِ وَاللَّامِ.
Tasydiidaatul Faatihati Arba’a ‘Asyarota : Bismillaahi Fauqollaami , Robbal ‘Aalamiina Fauqol Baa-i , Arrohmaani Fauqorroo-i , Arrohiimi Fauqorroo-i , Maaliki Yaumiddiini Fauqoddaali , Iyyaaka Na’budu Fauqol Yaa-i , Waiyyaaka Nasta’iinu Fauqol Yaa-i , Ihdinashshiroothol Mustaqiima Fauqoshsoodi , Shirootolladziina Fauqollaami , An’amta ‘Alaihim Ghoyril Maghdhuubi ‘Alaihim Waladhdhoolliina Fauqodhdhoodi Wallaami .
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang tasdidna fatihah eta aya 14
1.ari tasydidna bismillah eta luhureun lam
2.ari tasydidna arrohman eta luhureun ro
3.ari arrohim eta luhureun ro
4.ari alhamdulillah eta luhureun lamna lafazh Alloh
5.ari robbil a`lamin eta luhureun ba
6.ari arrohman eta luhureun ro
7.ari arrohim eta luhureun ro
8.ari tasydidna malikiyaumiddin eta luhureun dal
9.ari tasydidna iyyaka na`budu eta luhureun ya
10.ari tasydidna waiyyaka nastain eta luhureun ya
11.ari tasydidna ihdinash-shirotol mustaqim eta diluhur shod
12.ari tasydidna shirotholladzina eta luhur lam
13.14.ari tasydidna lafad an amta alaihim ghoiril magdhubi alaihim waladhollin eta diluhur dhod jeung lam
FASAL NGABAHAS NGANGKAT LENGEN DINA SHOLAT
(فصل) يُسَنُّ رَفْعُ الْيَدَيْنِ فِي أَرْبَعَةِ مَوَاضِعَ:
عِنْدَ تَكْبِيرَةِ الْإِحْرَامِ،
وَعِنْدَ الرُّكُوعِ،
وَعِنْدَ الْإِعْتِدَالِ،
وَعِنْدَ الْقِيَامِ مِنَ التَّشَهُّدِ الْأَوَّلِ.
Yusannu Rof’ul Yadaini Fii Arba’ati Mawaadhi’a : ‘Inda Takbiirotil Ihroomi , Wa’indarrukuu’i ,Wa’indal I’tidaali , Wa’indal Qiyaami Minattasyahhudil Awwali
Ari ieu hiji pasal
Disunatkeun ngangkat panangan dua dina opat pirang-pirang tempat :
1.dina nalika takbirotul ihrom
2.dina nalika ruku`
3.dina nalika i`tidal
4.dina nalika nangtung tina tahiyyat awwal
pangaosan ka 31
FASAL tentang syarat sujud/wajib sujud sholat
(فصل) شُرُوطُ السُّجُودِ سَبْعَةٌ:
أَنْ يَسْجُدَ عَلَى سَبْعَةِ أَعْضَاءٍ،
وَأَنْ تَكُونَ جَبْهَتُهُ مَكْشُوفَةً،
وَالتَّحَامُلُ بِرَأْسِهِ، وَعَدَمُ الْهُوِيِّ لِغَيْرِهِ،
وَأَنْ لَا يَسْجُدَ عَلَى شَيْءٍ يَتَحَرَّكُ بِحَرْكَتِهِ،
وَارْتِفَاعُ أَسَافِلِهِ عَلَى أَعَالِيهِ،
وَالطُّمَأْنِينَةُ فِيهِ.
Syuruuthussujuudi Sab’atun : An Yasjuda ‘Alaa Sab’ati A’dhooin , Wa An Takuuna Jabhatuhu Maksyuufatan , Wattahaamulu Biro’sihi , Wa ‘Adamul Huwiyyi Lighoyrihi , Wa An Laa Yasjuda ‘Alaa Syain Yataharroku Biharokatihi , Wartifaa’u Asaafilihi ‘Alaa A’aaliihi , Waththuma’niinatu Fiihi .
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang syaratna sujud eta aya 7 :
1.yen sujud anjeunna kana tujuh pirang-pirang anggahota
2.yen aya tarangna dibuka
3.neueulkeun kalawan sirahna
4.hanteu meunang condong karana liyan sujud
5.ulah sujud kana hiji perkara anu barobah ( usik ) ku usikna jalma
6.ngangkatkeun bobokongna ngungkulan kana sirahna
7.thumaninah dina sujud
خَاتِمَةٌ: أَعْضَاءُ السُّجُودِ سَبْعَةٌ:
الْجَبْهَةُ،
وَبُطُونُ الْكَفَّيْنِ،
وَالرُّكْبَتَانِ،
وَبُطُونُ أَصَابِعِ الرِّجْلَيْنِ.
( Khootimatun )
A’Dhooussujuudi Sab’atun : Al-Jabhatu , Wabuthuunul Kaffaini , Warrukbataini ,
Wabuthuunul Ashoobi’irrijlaini .
( Ari hiji pamungkasan ) Ari anggahota sujud eta aya 7 :
1.tarang
2.3.dampal dua lengeun
4.5.dua dengkul
6.7.dampal ramo-ramo dua sampean
Fasal mertelaken syarat jama` taqdim
(فصل) شُرُوطُ جَمْعِ التَّقْدِيمِ أَرْبَعَةٌ:
الْبَدَاءَةُ بِالْأُولَى
وَنِيَّةُ الْجَمْعِ فِيهَا
وَالْمُوَالَاةُ بَيْنَهُمَا، وَدَوَامُ الْعُذْرِ
Ari pirang-pirang syarat jama` taqdim eta aya 4 perkara :
1.ngamimitian ku sholat anu mimiti
2.niat sholat dina jama` anu mimiti
3.tuluy-tuluy antara kahiji jeung ka dua
4.langgeung udzur
Persyaratan Jama Takhir
(فصل) شُرُوطُ جَمْعِ التَّأْخِيرِ اثْنَانِ:
نِيَّةُ التَّأْخِيرِ وَقَدْ بَقِيَ مِنْ وَقْتِ الْأُولَى مَا يَسَعُهَا
وَدَوَامُ الْعُذْرِ إِلَى تَمَامِ الثَّانِيَةِ.
Ari syarat Jama` ta`khir eta aya 2 :
1.niat ngakhirkeun padahal masih tetep tina waktu kahiji waktu nu mahi kana sholat
2.langgeung udzur dugika sampurna sholat anu kadua
Syarat Sholat Qoshor
(فصل) شُرُوطُ الْقَصْرِ سَبْعَةٌ:
أَنْ يَكُونَ سَفَرُهُ مَرْحَلَتَيْنِ
وَأَنْ يَكُونَ مُبَاحًا
وَالْعِلْمُ بِجَوَازِ الْقَصْرِ
وَنِيَّةُ الْقَصْرِ عِنْدَ الْإِحْرَامِ،
وَأَنْ تَكُونَ الصَّلَاةُ رُبَاعِيَّةً
وَدَوَامُ السَّفَرِ إِلَى تَمَامِهَا
وَأَنْ لَا يَقْتَدِيَ بِمُتِمٍّ فِي جُزْءٍ مِنْ صَلَاتِهِ.
Ari syarat-syarat sholat qoshor eta 7 perkara :
1. Aya lumakuna 2 pamondokkan
2. Aya lumakuna eta diweunangkeun
3. Uninga kana weunangna qoshor
4. Niat qoshor nalika takbirotul ihrom
5. Yen aya sholat eta bangsa 4 roka`at
6. Langgeung lumakuna dugika sampurna sholat
7. Ulah ngama`mum kana sholat sampurna dina sabagean tina sholatna
Fasal ngajelasken syarat Sholat jum'at
(فصل) شُرُوطُ الْجُمْعَةِ سِتَّةٌ:
أَنْ تَكُونَ كُلُّهَا فِي وَقْتِ الظُّهْرِ
وَأَنْ تُقَامَ فِي خِطَّةِ الْبَلَدِ
وَأَنْ تُصَلَّى جَمَاعَةً
وَأَنْ يَكُونُوا أَرْبَعِينَ أَحْرَارًا ذُكُورًا بَالِغِينَ مُسْتَوْطِنِينَ
وَأَنْ لَا تَسْبِقَهَا وَلَا تُقَارِنَهَا جُمْعَةٌ فِي تِلْكَ الْبَلَدِ
وَأَنْ يَتَقَدَّمَهَا خُطْبَتَانِ.
Ari pirang-pirang syarat jum`at eta aya 6 :
1. Yen aya jum`at sadayana dina waktu zhuhur
2. Diadegkeun jum`at dina wewengkon nagara
3. Yen sholat di berjamaahkeun
4. Yen aya ahli jum`at eta 40 jalma merdeka sadayana anu baraleg jeung penduduk tetep
5. Ulah miheulaan kana jum`at jeung ulah ngabareungan kana jum`at jum`at sejen dina eta nagara
6. Yen miheulaan kana jum`at dua khutbah
Fasal tentang rukun khutbah
(فصل) أَرْكَانُ الْخُطْبَتَيْنِ خَمْسَةٌ:
حَمْدُ اللهِ فِيهِمَا
وَالصَّلَاةُ عَلَى النَّبِيِّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فِيهِمَا
وَالْوَصِيَّةُ بِالتَّقْوَى فِيهِمَا
وَقِرَاءَةُ آيَةٍ مِنَ الْقُرْآنِ فِي إِحْدَاهُمَا
وَالدُّعَاءُ لِلْمُؤْمِنِينَ وَالْمُؤْمِنَاتِ فِي الْأَخِيرَةِ.
Ari lobana rukun 2 khutbah eta aya 5 :
Anu kahiji muji ka Alloh dina dua khutbah
Anu ka dua maca sholawat ka kangjeung Nabi Muhammad Saw. Dina 2 khutbah
Anu ka tilu wasiyyat ( amanat ) kalawan taqwa dina 2 khutbah
Anu ka opat maca saayat tina Al-Qur`an dina salasahiji 2 khutbah
Sareng anu kalima ngadu`akeun pikeun mu`min lalaki jeung mu`min awewe
Fasal tentang Syarat Khotbah
(فصل) شُرُوطُ الْخُطْبَتَيْنِ عَشَرَةٌ:
الطَّهَارَةُ عَنِ الْحَدَثَيْنِ الْأَصْغَرِ وَالْأَكْبَرِ
وَالطَّهَارَةُ عَنِ النَّجَاسَةِ فِي الثَّوْبِ وَالْبَدَنِ وَالْمَكَانِ
وَسَتْرُ الْعَوْرَةِ
وَالْقِيَامُ عَلَى الْقَادِرِ
وَالْجُلُوسُ بَيْنَهُمَا فَوْقَ طُمَأْنِينَةِ الصَّلَاةِ
وَالْمُوَالَاةُ بَيْنَهُمَا
وَالْمُوَالَاةُ بَيْنَهُمَا وَبَيْنَ الصَّلَاةِ
وَأَنْ تَكُونَ بِالْعَرَبِيَّةِ
وَأَنْ يَسْمَعَهُمَا أَرْبَعِينَ
وَأَنْ تَكُونَ كُلُّهَا فِي وَقْتِ الظُّهْرِ.
Ari pirang-pirang syarat 2 khuthbah eta aya 10 :
Anu ka hiji suci tina dua hadats tegesna hadats leutik jeung hadats geude
Anu ka dua suci tina najis dina pakean jeung badan jeung teumpatna
Anu ka tilu nutupan orat
Anu ka opat ngadeug pikeun khothib anu kawasa
Anu ka lima calik diantara 2 hutbah saukuran thumaninah sholat
Anu ka genep tuluy-tuluy diantara duanana
Anu ka tujuh tuluy-tuluy antara dua khutbah jeung antara sholat
Anu ka dalapan yen aya eta khutbah ku bahasa arab ( anu rukunna wungkul )
Anu ka salapan yen karungu eta 2 khutbah ku 40 jalma
Sareng anu ka sapuluhna yen sadaya khuthbah diayakeun dina waktu zhuhur
53.Hukum Ngurus mayyit
(فصل)الذي يلزم للميت أربع خصال : غسلة وتكفينة والصلاة علية ودفنه .
Ari perkara anu wajib ka mayit eta 4 perkara :
1.mandian mayit
2.mungkus mayit
3.nyolatan ka mayit
4.nguburkeun mayit
54.Mandian ( ngadusan ) mayyit
(فصل)أقل الغسل : تعميم بدنه بالماء. وأكمله أن يغسل سوأتيه وأن يزيل القذر من أنفه وأن يوضئه وأن يدلك بدنه بالسدر وأن يصب الماء عليه ثلاثا.
Ari sakurangna mandian mayit eta ngawalatraan badan mayit ku cai, ari utamana mandiyan mayit eta yen ngumbah kana gogoreng dua mayit, jeung kudu miceun kana kokotor tina irung mayit jeung yen ngawudhuan ka mayit jeung yen ngosok-ngosok kana badan mayit ku daun bidara atanapi sabun jeung yen ngucurkeun kana cai ka mayit 3 kali
55.Ngafanan ( mungkus)mayyit
(فصل) أقل الكفن : ثوب يعمه.، وأكمله للرجال ثلاث لفائف ، وللمرأة قميص وخمار وإزار ولفافتان .
Ari saeutikna mungkus mayit eta hiji baju nu nutupan ka mayit ari sampurnana kalalaki 3 rangkeup jeung ka awewe hiji baju jeung tiung jeung samping jeung 2 rangkeup
Rukun nyolatkeun mayyit
Ari lobana rukun sholat mayit eta aya 7 perkara
Anu ka hji nyaeta niat
Anu kadua nyaeta opat takbiran
Anu Ka tilu nangtung ka jalma anu kawasa
Anu ka opat nyeta maca fatihah
Anu ka lima nyaeta maca sholawat ka kangjeung Nabi Saw saba`da takbir ka-dua
Anu ka genep nyaeta ngaduakeun ka mayit ba`da takbir
Anu ka genep nyaeta maca salam
Nguburkeun mayyit
Ari saeutikna ngubur mayit eta sakeudukkan anu nyumputkeun kana ambeu mayit jeung nu ngajaga ka mayit tina sato galak , ari sampurnana ngubur mayit satangtung jeung sabeber dua lengeun jeung di teundeun pipi mayit kana taneuh jeung wajib madepkeun mayyit ka qiblat
Hukum ngeduk mayyit
Dikeduk mayyit karana 4 perkara :
1. Karana diadusan dimana hanteu barobah
2. Karana nyanghareupkeun mayit ka qiblat
3. Karana harta nali ka dikuburharta sarta mayit
4. Karana awewe dimana dikubur kakandungannana sarta eta awewe jeung kongong hirupna eta kakandungan
BAB ZAKAT
Bab Harta banda anu wajib dizakatan
Harta banda anu wajib dizakatan
Ari pirang-pirang harta anu wajib dina eta harta zakat eta 6 warna :
1.ingon-ingon ( saperti : Domba, Embe, Sapi, Munding, Onta )
2.emas sareung perak
3.Peupeulakan anu sok jadi kadaharan poko sapopoe
4. harta dagangan anu wajib dikaluarkeun zakatna nyaeta saparapat puluhna ( 2,5% ) tina niley sadaya harta barang dagangan
5. emas perak pependeuman ( barang simpeunan zaman baheula )
Hukum menta tulung
.
Ari pirang-pirang menta tulung eta 4 perkara :
1.diweunangkeun
2.nyulayaan anu leuwih utama
3.anu dimakruhkeun
4.anu wajib
Mangka ari anu diweunangkeun nyaeta ngadeukeutkeun cai, ari menta tulung khilaful ula nyaeta ngucurkeun cai ka bangsana anu wudhu , ari anu dimakruhkeun nyaeta ka jalma anu ngumbah kana anggahotana , ari anu wajib nyaeta ka anu geuring nalika apeus
Harta banda anu wajib dizakatan
Ari pirang-pirang harta anu wajib dina eta harta zakat eta 6 warna :
1.ingon-ingon ( saperti : Domba, Embe, Sapi, Munding, Onta )
2.emas sareung perak
3.Peupeulakan anu sok jadi kadaharan poko sapopoe
4. harta dagangan anu wajib dikaluarkeun zakatna nyaeta saparapat puluhna ( 2,5% ) tina niley sadaya harta barang dagangan
5. emas perak pependeuman ( barang simpeunan zaman baheula )
6. panggalian emas perak ( barang tambang )
BAB PUASA
NGEUNAAN PUASA
Ari wajib puasa bulan romadhon kusabab salahsahijina pirang-pirang anu 5 : ari salah sahijina eta kusabab sampurna bulan sya`ban 30 poe , ari nu kaduana sabab ningali bulan dina haq jalma anu ningali bulan jeung sanajan aya eta jalma fasiq , ari katiluna eta kusabab tetep bulan dina haqna jalma nu hanteu ningali kana bulan ku hiji jalma adil nu nyaksian ari kaopatna eta kusabab khobarna hiji jalma adil caritana anu kapercaya eta jalma sarua tumiba dina ati neneurna eta jalma atawa hanteu tumiba atawa hanteu dipercaya eta jalma lamun tumiba dina hate benerna eta jalma ari kalimana eta kusabab nyangka asup bulan romadhon kalawan sunggu-sunggu dina haqna jalma anu saliru ka eta jalma asup bulan romadhon
PIRANG-PIRANG SYARAT SHOH PUASA
Ari pirang-pirang syarat syahna puasa eta 4 perkara :
1.islam
2.boga akal
3.beresih tina bangsana hed
4.nyaho kana ayana waktu eta narima kana dipuasaan
SYARAT WAJIB PUASA
Ari pirang-pirang syarat wajibna puasa eta aya 5 perkara :
1. islam
2.taklif
3.kuat
4.cageur
5.muqim
RUKUN PUASA
( ari ieu hiji pasal )
Ari pirang-pirang rukun puasa eta aya 3 pirang-pirang perkara :
1.niat dina waktu peuting pikeun saban-saban poe dina puasa fardhu
2.ninggalkeun anu matak ngabatalkeun puasa halna sadar tur halna kahayang sorangan tur lain sabab bodo anu di hampura ( ma`dzur ).
3. anu puasana ( lain sakadar hanteu dahar jeung nginum wungkul )
64. RUKUN PUASA
(فصل)أركانه ثلاثة أشياء: نية ليلا لكل يوم في الفرض وترك مفطر ذاكرا مختارا غير جاهل معذور وصائم .
( ari ieu hiji pasal )
Ari pirang-pirang rukun puasa eta aya 3 pirang-pirang perkara :
1.niat dina waktu peuting pikeun saban-saban poe dina puasa fardhu
2.ninggalkeun anu matak ngabatalkeun puasa halna sadar tur halna kahayang sorangan tur lain sabab bodo anu di hampura ( ma`dzur ).
3. anu puasana ( lain sakadar hanteu dahar jeung nginum wungkul )
65. WAJIB QODHO JEUNG KIFARAT PUASA
(فصل) يجب مع القضاء للصوم الكفارة العظمى والتعزير على من أفسد صومه في رمضان يوما كاملا بجماع تام آثم به للصوم
ويجب مع القضاء الإمساك للصوم في ستة مواضع:الأول في رمضان لافي غيره على متعد بفطره، والثاني على تارك النية ليلا في الفرض، والثالث على من تسحر ظانا بقاء الليل فبان خلافة أيضا ، والرابع على من افطر ظانا الغروب فبان خلافه ايضا ، والخامس على من بان له يوم ثلاثين من شعبان أنه من رمضان ، والسادس على من سبقه ماء المبالغة من مضمضة واستنشاق
( ari ieu hiji pasal )
Wajib sarta keudah ngodhoaan kana puasa jeung mayar kifarat anu beurat sarta dihukum ta`zir ( diwiwirang ) ka jalma anu ngabatalkeun kana puasa-na jalma dina bulan puasa dina sapoe anu sampurna ( full sapoe ) disababkeun pasatemon ( jima` ) anu sampurna anu dosa ( doraka ) kalawan sabab pasatemon karana arah-arah puasa ( dina kaayaan keur puasa ).
Wajib sarta keudah kodho puasa sarta nyeungkeur ( imsak ) pikeun ( nuluykeun ) puasa dina 6 pirang-pirang tempat :
Ari kahijina eta dijero bulan puasa sanes dina liyan bulan puasa pikeun jalma anu ngahaja kalawan sabab buka puasa ( fithri ) anjeunna
2.eta ka jalma anu ninggalkeun niat dina peutingna dina puasa fardhu
3. ka jalma anu saur halna nyangka kana masih keneh peuting mangka tetela sulaya sangkaanna
4.ka jalma anu buka puasa halna nyangka kana suruf panon poe mangka tetela sulaya sangka deui ( tegeusna disangkana geus suruf panon poe padahal mah can suruf )
5.ka jalma anu tetela ka eta jalma ( nganggap ) dina eta poe ( masih kaping ) 30 sasih sya`ban ( padahal ) kana saestuna eta poe tina sapalihna sasih romadhon ( tegesna kaping 1 sasih romadhon ).
6.ka jalma anu kaleupasan ka eta jalma cai anu ngabangeutkeun tina kekemu jeung ngiseup cai kana irung ( sahingga asup kajero tikorona ).
66. ANU NGABATALKEUN PUASA
(فصل) يبطل الصوم : بردة وحيض ونفاس أو ولادة وجنون ولو لحظة وبإغماء وسكر تعدى به إن عمَّا جميع النهار
( ari ieu hiji pasal )
Batal puasa kusabab murtad jeung kusabab hed jeung kusabab nifas atawa kusabab ngajuru ( wiladah ) atawa kusabab edan sok sanajan sakeudeung jeung kusabab sakalor jeung kusabab weureu ( mabok ) anu ngahaja anjeunna kalawan weureu lamun sakalor / mabokna netepan kana sapanjang poe ( sapoe jeuput ).
67. HUKUM BUKA PUASA DINA WAKTU BEURANG DI BULAN ROMADHON
(فصل) الإفطار في رمضان أربعة انواع: واجب كما في الحائض والنفساء، وجائز كما في المسافر والمريض ولاولاكما في المجنون، ومحرم كمن أخر قضاء رمضان تمكنه حتى ضاق الوقت عنه .
Ari ieu hiji fasal : ari buka puasa di bulan romadhon eta aya 4 pirang-pirang bagean ( nyaeta ) :
Wajib ( buka puasa ) : saperti perkara jalma anu kaluar hed jeung nifas ( pikeun awewe )
Mubah ( weunang buka puasa ) buka : saperti perkara jalma anu indit-inditan jauh jeung anu geuring
Teu Wajib jeung teu Weunang ( tegesna hanteu kakeunaan hukum naon-naon )nyaeta : saperti perkara kaayaan jalma gelo
Haram ( buka puasa ) : saperti jalma anu ngahirkeun kana qodho bulan romadhon seudeungkeun mampuh migawe manehna sahingga heureut waktu tina qodho.
وأقسام الإفطار أربعة : أيضا ما يلزم فية القضاء والفدية وهو اثنان:الأول الإفطار لخوف على غيرة ، والثاني الإفطار مع تأخير قضاء مع إمكانه حتى يأتي رمضان آخر ، وثانيها مايلزم فية القضاء دون الفدية وهو يكثر كمغمى علية ، وثالثهما ما يلزم فيه الفدية دون القضاء وهوشيخ كبير ، ورابعها لا ولا وهو المجنون الذي لم يتعد بجنونه .
Jueng ari pirang-pirang bagean buka puasa ( di bulan romadhon ) eta aya 4 pirang-pirang bagean deui ( nyaeta ) :
1. Anu wajib dina eta perkara Qodho jeung Fidyah nyaeta 2 rupi :
Ari ka 1 na : eta buka sabab sieun kana ( kasalameutan jiwa ) jalma lian ( misalna nulungan jalma atawa sato anu bakal titeuleum , ibu anu eukeur dina waktu nyusuan budak orok jeung sajabi ti eta )
Ari ka 2 na : eta buka kalawan ngakhirkeun Qodho padahal mampuh ngodhoan manehna, sahingga datang deui bulan romadhon anu sejen ( maksadna ngodhoan puasa dina waktu anu samistina di pigaw, ujug-ujug di batalkeun ) mangka dina taun hareupna deui, manehna wajib qodho jeung mayar fidyah ( saban teulat teulat sataun saemud ( 6 ons beas ) jeung lamun 2 taun manehna kudu mayar 2 mud ( 12 ons beas ) jeung kitu saterusna.
2. perkara anu wajib dina eta perkara Qodho halna hanteu wajib fidyah : nyaeta seueursaperti jalma anu sakalor / pingsan ( poho niat puasa, ngahaja buka jeung sajabi ti eta )
3. perkara anu wajib dina eta perkara Fidyah halna hanteu wajib qodho nyaeta pikeun kolot anu geus pikun ( lanjut usia )
4. anu teu wajib Fidyah jeungteu wajib Qodho nyaeta pikeun jalma gelo anu hanteu ngahaja kalawan gelona.
68
PERKARA ANU ASUP KA LEUBEUT LIANG ANGGAHOTA BADAN ANU HANTEU NGABATALKEUN PUASA.
Ari ieu hiji fasal : ari anu hanteu ngabatalkeun ( puasa ) tina perkara anu neupi ( asup ) kana beuteung ( liang badan ) eta 7 pirang-pirang perkara ( nyaeta ):
1,2,3. perkara anu asup ( nepi ) eta perkara kana beuteung sabab poho atawa hanteu nyaho atawa dipaksa
4. kusabab berjalanna ciduh tina perkara anu aya antara huntu-huntuna jeung halna apeus manehna tina ngutahkeunnana karana udzur manehna ( seusah )
5.perkara anu asup ( neupi ) eta perkara kana beuteung jeung aya perkara eta kekebul jalan ( anu ka iseup ku irung atawa asup ka jero baham )
6 jeung 7. perkara anu asup ( neupi ) eta perkara kana beuteung jeung aya eta perkara eta kekebul tipung atawa laleur anu hibeur atawa sabangsana laleur
Tidak ada komentar:
Posting Komentar